Smansacis Blog
A short description about your blog
|
May 08
2009
|
Hiji mangsa nu moal hilap, mangsa nu paling berkesan dina manah janten titik awal simkuring ngalengkah ka dunia nu pinuh ku hiruk pikuk problematika, kasusah sareng godaan. mangsa ieu mangsa-mangsa nancepkeun pondasi diri, pikiran, pandangan sareng jiwa kanggo bekel kapanyuna. mangsa-mangsa rerencengan janten sagalana, persahabatan sareng solidaritas tinggi, nyobian sagala rupa nu janten kapanasaran rek alus rek goreng kanggo simkuring, ngumpul-ngumpul teu puguh juntrunganna, jiwa masih labil teu hoyong diatur-atur ( hirup aing kumaha aing) hoyong na teh memberontak (ciri khas remaja). Tapi mangsa-mangsa eta janten pengalaman nu berharga kanggo hirup simkuring nu ayeuna ngumbara di lembur batur, janten tiasa adapatasi cepat, teu kuuleun teuing, nu pasti mah tos aya pengalaman terang mana nu goreng mana nu alus kanggo diri (kesadaran diri) sareng gaduh idealisme/cita-cita/mimpi nu leuwih ka arahkeun teu awut-awutan deui. mangsa eta nu teras kaingeutan wae nu seueur kaduhungna nu hoyong di omean. mangsa eta mangsa-mangsa di sma, di almamater tercinta SMAN 1 Ciamis.
